Selasa, 30 November 2010

sisindiran

Rarakitan

Piwuruk
Mun engke mesek kalapa
Pasti butuh ka cipati
Mun sae ka indung bapa
Pasti di asih ku gusti

Silihasih
Daripada naek motor
Mending oge naek sapedah
Daripada ka jalmi bangor
Mending oge ka jalmi solehah


Sesebred (banyol)
Sok hayang nyaba ka bandung
Ameh nyaho kumaha nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Ameh nyaho kumaha nyentakna

Paparikan

Piwuruk
Mancing lauk meunang jaer
Bungkusna daun hangasa
Sakur mahluk anu bener
Pasti di rahmat ku nu kawasa

Silihasih
Jalan-jalan di cipinang
mobil beureum di guratan
satangtung teu acan beunang
moal eureun disuratan





sesebred
ngararojai di ci leutik
ngojaina mawa rokrak
basa eta awak leutik
ayena mah siga badak



Wawangsalan

Awak leutik sok loba di imah
Lamun jajan kudu irit
Wangsalna: beurit

Awak buleud warnana bodas
ari dahar ulah rewog
wangsalna: endog

awakna leutik warnana hejo
lamun dahar kudu imeut
wangsalna: simeut
















BADRIZA AM
XII IPA 4

Tidak ada komentar:

Posting Komentar